Jumat, 07 Februari 2014

Biantara

BIANTARA BAHASA SUNDA TEMA KAAGAMAAN Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi sanggakeun ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin.. Hadirin anu dipikahormat ! Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaatna diantarana nyaeta bisa nguatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah. Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah. Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu teu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten sadayana wassalamualaikum wr.wb

0 komentar:

Posting Komentar